Teu aya nu istimewa, biasa bae sakumaha umumna rumah sakit jiwa. Ngan bae dina mangsa nu can kaalaman kacarita aya hiji kajadian nu nyoret beungeut (heueuh maksudna mah mencoreng muka !) para dokter, utamana para dokter nu mancen tugas di dinya.
Kieu cenah kajadianana teh.
Harita teh kira wanci haneut moyan, aya saurang dokter nu datang. Kabeurangan kawasna mah, da nu sejenna mah cenah rebun keneh oge geus daratang.
Barang anjog ka pakarangan, Juragan dokter lir katarik ati hayang nanya ka saurang pasen nu keur cinukduk diuk dina jojodog (didingklik cek urang Ciamis mah). Di hareupeunana aya gelas dieusi cai aya kana tilu parapatna. Ari leungeunna (duka teuing meunang ti mana) da eta geuning bet nyekel jeujeur (joran ceuk urang Bekasi mah) useup, lengkep deuih sapuratina. Petana oge teu dipiceun sasieur, badis we nu keur nguseup. Ngan anehna, nguseupna lain di balong atawa empang, tapi ieu mah geuning dina gelas nu aya hareupeunana tea.
Ku kituna Juragan dokter nyieun kacindekan, ieu pasen teh maksudna mah nguseup meureun !
Kajurung ku hayang nanya tea, si pasen teh ditoel bari ditanya.
Kieu cek juragan dokter teh : “Meunang laukna ?”
Si pasen ngareret terus nunjuk ka Juragan dokter bari ngomong : “Eeeeh …………… geuning geeeeelo dokter teh, piraku nguseup dina gelas meunang lauk ! Heheheh heheheh heheheh !” si pasen kateterusan seuri panjang bangun nu ngeunah pisan, badis we nu maca !
Orokaya Juragan dokter, kajeueung kawas nu ambek nyedek tanaga midek, rarayna geuneuk, salirana rampohpoy, brek deku lir teu aya tangan pangawasa ha ha ha !